Carpon Bahasa Sunda Ceuk Aing Ge!


Carpon Bahasa Sunda Ceuk Aing Ge! Eh  bet siga nu ambek nya ? he he.. hanteu kulan, ngan bane wae atuh ari judul mah naon wae ge bisa atuh ! tong boro carpon samalah poe reujeung bulan atawa tahun ge sok di jarudulan he he sok padahal atung eneh – atung eneh apanan !
Kayaning kaayaan ayeuna , kuring ge pedah wae si Atrok paadu paham jeung jang Belut ! kumaha kitu ? enya , parebut paham meureunan kitu ge da kuring na nyerangkeun ti kaanggangan, can tetelepek , kunaon maranehna siga anu keur pasea atuah ?
Eh enya ! poho tah kuring teh , di landih  si Atrok teh pedah wae manehna sok utrak – atrok , teu beurang teu peuting, ngan kuring mah tara padulian, keun wae da urusanana , nu penting mah teu ngaganggu ka kuring nya jang ?
Ari jang Belut , naha boga landihan kitu kang  apal teu ? pasti atuh jang , da Jang Belut ge apal sasakallana pangna di landih sapert kitu teh ! manehna leueur siga belut, hese di tewakna , sakilat ngejat bari ngalejokeun , karana kitu jol wae landihan si belut .

Ceuk Aing Ge !

Ah, katalanjuran, hayu ah urang samperkeun , bisi kateterusan nu akhirna maranehna pasea rongkah ngadu peureup pan bahaya lain ?  lalaunan suku ngalengkah , nyamperkeun anu keur adu paham tea, katingali maranehna ngareret, samalah eureun tina adu paham na, karasa ceuli teh asa genah  syukur gerentes teh .
Eh aya mangg Kok geningan he he landihan teh geus naon wae jang nya , kuring nepi ka di sebut Mang Kok akibat landihan ! tapi teu nanaon ya ? komo batur mah di landi si Geheng , atawa si Mehong pan leuwih parah ! he he .
Heueuh Trok, Lut atuda kuring hariwang ningali aranjeun siga anu keur parebut naon tah, parebut paham sigana mah nya ? tanya teh . Maranehna rada beureum beungeut kacirina, kuring surti tah jang , pok nyarita “ Teu nanon jang ari paham anu bener sarta silih benerkeun mah , puguhing jadi alus , jadi kahadean keur balarea , kitu apanan ?
Aya naon atuh , cik bejaan kuring ! panon melong kaduanana , kadenge si atrok nyarita “ kieu mang , ieu si belut nyarita, magarkeun pa Usrip , enya kapala desa urang tea majarkeun teu bener gawena” Eureun heula “ Trus kumaha tah ? tanya teh.
Nya kuring jelas teu narima, naon sih kasalahanana ! ceuk si usrip , panonna melong ka si Belut nu nyerengeh  asa ngalolonyoh. Kuring ngarti , da si Atrok teh salah saurang tim sukses na Pa Usrip, he he nya tangtu bakal melaan “bapa “.
Oh kitu Trok, geus kuring ngarti ayeuna mah , cing ari ente kumaha tah Belut ? tanya kuring ka sibelut . “ Enya atuh mang Kok ! jelas – jelas “ Tak ada langkah nyata dalam membangun desa ini, itulah buktinya , tapi si Atrok embung narima kana kanyataan anu aya ! jentre si Belut nyarita .
Teu sirikna buncelik tah mata si Atrok , ngan kuring kaburu nyapih “ Moal bener ari ku emosi mah atuh jang ! cekeng teh.Ari ceuk kuring mah hal saperti kitu teu perlu ngajadikeun sabab papaseaan, aya jalan keur matotoskeun sagala permasalahan anu aya di tengah urang sarerea ! Duanana rada manco tah ka uing “ Naon tah mang Kok ? tanyana. Ih kahayang teh tong mamawa landihan sebut wae ngaran kuring anu gagah “ Si Bimo” kahayang teh, tapi keun ulah saruana nya “ Biar nggak tambah panas masalah .
Kieu trok, keur ente , caritaan si belut teh kudu di saring heula, pa caritaan si belut teh di eusian kangewa atawa di eusian kritik anu ngawangun” Ah geus jelas mang manehna mah ngewa mana kitu ge ! ceuk si atrok . Si belut seuri ,” Tah kitu pan, di kasih tahu nggak mau mang “ tembal si belut. Geus – geus ceuk uing ge ulah sok mawa pendapat sewang – sewangan anu mungkin wae salah .
Masih keur ente Trok, “Ente kudu bisa misahkeun antara tim sukses jeung jadi warga biasa, caritaan si belut anu karasana peureus teh , naha sasuai jeung kanyataan anu aya ? pek pikiran ku anjeun.Mun tea mah nu di caritakeun si belut euweuh dina kanyataan , ente bisa sah nyebutkeun si belut ngewa ge, da teu sasuai jeung fakta anu aya, pan ari nyarita teh kudu sasuai jeung faktana lain ?
Rada , ngaley tah si Atrok teh , pokna “ Enya mang, tapi ku ayana jalan butut teh lain hartina pamarentah teu nagawangun, alesanana , pangwangunan boga titik – titik tertentu, mana anu kudu di heulakeun mana anu sakunderr” pokna. Kuring seuri “ he he , kitu atuh Trok ari berpolitik mah, genah kadengena caritaan saperti kitu mah, ningalikeun kasadaran bari mere alesan anu jelas kahartina, sarta dina harti lain ngarupakeun hiji kasalahan tapi ngarupakeun tahap – tahap pangwangunan, moal pipaseaeun ari kitu mah pan ?
Si Atrok seuri , kuring malik ka si belut “Cing ayeuna ente Lut !” Satuju mang Kok ! da saestuna, lamun ti tatadi si atrok saperti kitu mah, sigana moal aya pabentar paham, kuring tumarima mang “ pokna.
Enya Belut, tapi ente ge dina ngucap teh kudu make fakta sarta bukti , ente sabage warga , ulah ngan ukur bisa kritis wungkul , tapi bari siap keur ngabantu pangwangunan, terserah saha pamimpin anu ayeuna, anu ku ente di dukung atawa hanteu , tetep pamingpin mah “ Pamimpin urang sarerea pan ? Geus beres ayeuna mah ? kuring melong deui kaduanana , maranehna unggeuk , samalah ngalobrol ayeuna mah , tambah dalit sigana, reug- reug ningali kitu mah , kuring pamit “ Rek neagan daun katuk jang , rada panas dalem ! cekeng teh , ah nyakitu leuwih hade panas dalam dari pada panas hate marebutkeun hal anu kurang – kurang na mah matak nimbulkeun pasea rongkah, saha anu untung ?



Comments