Carpon Jurig Ucing !

Carpon Jurig Ucing !, Hate ngarasa panasaran, aya anaon atuh anu sabenerna ? geus wae harita mah ukur ngadengekeun wungkul kuring ge, balik ka imah dug, ker wae sare, ceuk hate “ Ke wae neangan warta naon anu kajadian mah, mending sare meh awak seger pan genah dina tetelepek naon anu kajadian ayeuna.
Hudang ge rada ampir kamaghriban , mun si Tuyul teu norojol mah ! ih aya ku aneh , naha tuyul anu sok nyokotan duit anu datang teh ? sanes kulan, mungguh sipat jalma tea , sok pirajeunan ngalandih jalma lain , ku ngaran anu karasana kurang genah, tapi da geus biasa nya di babwa tah ngaran landihan teh, he he ari pokna “ Mawa hoki ! cenah.
Di landih si Tuyul teh, enya bane wae sirahna botak , he he enggeus eta ge neangan obat penumbuh rambut, malah mah mahal meuli na oge , hasilna ? ih ku matak aneh deui ! lain buuk anu jadi , ari pek teh jukut anu jadina teh, atah adol cenah ! ceuk si tuyul harita, asa kabobodo meureunan, tapi da kagok jadi “ Lumayan jang domba , moal – moal ngarit “ pokna bari nyerengeh.
Balik deui kana carita tea, cenah ari ceuk si tuyul mah aya kajadian aheng ayeuna teh, naon atuh nya ? pok si tuyul nyarita “ Enya Crist , ayeuna teh rame ku lalangse , cenah sok aya anu ngahariring ti peuting “ manehna ngajelaskeun, lumayan ayeuna mah kuring teh di landih si Crist he he teu siga baheula teuing wae atuh , di landih teh si bekok atawa si Oong.
Kuring unggeuk “ Ah atuh pira kitu mani tepi ka rame siga aya anu imah kaduruk wae “ cekeng teh “ Eh lain kitu crist, cenah mah anu ngahariring tengah peuting teh jurig ! serius tah si Tuyul nyarita na teh , “ Enya Yul, tapi geus aya anu manggihan acan ? kuring tumanya “ Si Tuyul seuri . “ Enya , nyasat acan, ngan karek sangkaan, tapi ceuk sawareh jalam, pernah di intip, na atuh anu katembong lain manusa !.
“ Naon tah Yul anu katingali teh ? kuring ge panasaran. “ Enya anu katingali na mah ngabelegbeg wae  klangkang hideung, puguh wae sing burisat jalama anu ngintip teh,jep wae anu ngahariring oge jempe , keteureuy peuting anu pikasieuneun” panjang lebar si Tuyul nyarita na teh.

Jurig !

Wancii maju ka peuting , enya wae mani simpe kieu, ah euweuh anu ngahariring teh yul ? kuring ngaharewos ka si tuyul. “ Can crist , ke gera sakeudeung deui “ ceuk si tuyul, ngajawab bari sarua ngaharewos.
Ngobrol kadit  kadieu “ Hayu ah geus sore ! si Tuyul pamitan, ngan kuring jeung manehna geus ngarencana, ngintip jurug anu ngahariring tengah peuting. Jeung enyana, sarua tah kapanasaransi tuyul jeung kuring teh, wanci isya gentang kuring duaan haget, sarung di solendangkeun, geus puguhing bedog, he helain jang ngadek batur ieu mah, he he bisi wae aya kalapa murag pan lumayan ari mawa bedog mah, bisa di inum caina.
Enya wae palamitra, teu kungsi lila kadenge au ngahariring, mimitina lamat – lamat alias asa jauh kadengena, beuki dieu beuki jentre , enya gening aya anu ngahariring, bulu punduk rada cengkat, gentak di simbutan kusarung di beulitkeun kana beuheung” Aman ! pikr teh.
Ku isyarat kuring nanya” kumaha ayeuna Yul, si tuyul lalaunan ngadeukeutan tempat anu ngahariring, kuring sarua , lalaunan pisan kuring duaan leumpang ngadeukeutan eta sora, sepi taya sasaha, ah boa enya jurig “ ceuk hate raada sabil, panon luak – lieuk ningali pilumpateun, bisi enya eta jurig.
Jorelat aya anu luncat,si tuyul ngagoak , cigana reuwas pisan , manehna ti buburanjat rek lumpat , gentak leungeuna ku kuring di cepengan “ Embung atuh kuring ge ari di tinggalkeun mah . Anu ngajorelat katingalina kana rungkun, bodas, katingali ngajorelat, kagok yul, kumaha egke wae ayeuna mah ! ceuk kuring , leungeun si tuyul di bedol ngadeukeutan rungkun, bari tatan – tatan rungkun ku kuring di singkabkeun ku bedog panjang tea , tah gening karasa apanan gunana !

Si tuyul rek lumpat, tapi kejot, manehna olohok ngembang kadu kana naon anu katingali ayeuna” Naon atuh anu sok ngahariring tengah peuting  teh ? duaan kuring seuri ngabalakatak, naon atuh anu sok ngahariring tengah peuting teh naha jurig “ Ngehkey keneh , tapi karunya kanu maca, di bejaan ayeuna, singhoreng anu sok ngahariring tengah peuting teh he eh Ucing keur ngising !

Comments